Bahasa dan SastraPuisi

Honcewang

blank
Bagikan di media sosialmu

Karya: Ummu Aisyah

Peuting nu sepi jempling
Taya pisan sasatoan peuting nu nyoara
Calik sidakep neda dina amparan
Muja muji kanu Kawasa
Mantengkeun raga kanu Maha Kawasa
Sangkan jiwa raga aya
dina panangtayungan Allah azza wajalla nu murbeng alam dunya.

Lolongkrang hirup anu nyimbeuhan diri
Moal diantep saperti mega nu ngupluk ngalumuk
Moal ditamelarkan jiwa nu nuju mokaha
Sabab Manah rajeun gampang sulaya
Inggis jadi kalbu NU rosa ku dosa
Merekatkeun diri ku istighfar
Sangkan aya dina panangtayungana.

Soca nyawang ka bentang di juru langit
Dipapaes ku sora gaang nu raang
tibelat hate nyawang kanu anggang
Ka peuting nu ngagupayan
Tapi ieu manah duka kunaon
teu weleh salempang bade nyorang tanjakan kahirupan

Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama
Paturay tineung tos jadi fitrahna
Sok aya wae hiji carita nu matak nalangsa
Tapi tong gidir hate
Sabab aya diri nu terus ngariksa

Naha kunaon diri neuteup anteb namung teu sumanget
Ngahontal harepan anu heureut
Ngajul impian nu muhal katewak
Ngan saukur mencrong bari tagiwur hate nu terus honcewang

Disclaimer

Wacana Edukasi adalah sarana edukasi masyarakat. Silakan kirimkan tulisan anda ke media kami. Wacana Edukasi akan melakukan seleksi dan menayangkan berbagai naskah dari Anda. Tulisan yang dikirim bisa berupa Opini, SP, Puisi, Cerpen, Sejarah Islam, Tsaqofah Islam, Fiqih, Story Telling, Olah raga, Kesehatan, Makanan, ataupun tulisan lainnya. Tulisan tidak boleh berisi hoaks, mengandung SARA, ujaran kebencian, dan bertentangan dengan syariat Islam. Tulisan yang dikirim sepenuhnya menjadi tanggungjawab penulis.

Loading

Visits: 30

Comment here